image

image

Senin, 10 Februari 2014

kembang tanjung panineungan

asalamualaikum sadayana .... :) ayeuna simkuring bade ngaposting  lirik kawih sunda ,nyaeta lagu kembang tanjung panineungan
berikut lirik laguna :
 
Kembang tanjung panineungan
Anaking jimat awaking
Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun
Di pakarangan nu reumis kénéh
Harita keur kakandungan ku hidep
Geus opat taun ka tukang
Ema nyipta mulung béntang
Nu marurag peuting tadi
Béntang seungit ditiiran pangangguran

Anaking jimat awaking
Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun
Bet henteu sangka aya nu datang
Ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep
Nu opat poe teu mulang
Ngepung gunung pager bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur kadieukeun dipulangkeun
Harita waktu layonna geus datang
Ema ceurik aduuuh balilihan
Ras ka hidep ieung … na kandungan
Utun inji budak yatim deudeuh teuing
Harita waktu layon geus digotong
Ema inget ieung … kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieung … ti duaan

Anaking jimat awaking
Lamun Ema mulung tanjung reujeung hidep
Kasuat-suat nya pipikiran
Tapina kedalna téh ku hariring
Hariring éling ku éling
Kana tanjung nu dipulung
Duuh…..
Kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
Nu nyeungitan haté urang panineungan